Ucing Jeung Anjing - SMART CAMPZ
Headlines News :

Resource

Home » , » Ucing Jeung Anjing

Ucing Jeung Anjing

Written By blogsmartcampz on June 3, 2009 | 3:18:00 PM

Di hiji kampung, aya aki-aki jeung incuna diuk dina jolodog imahna bari maraban hayam piaraannana. Teu kungsi lila aya ucing di udag anjing. Ningali kajadian eta si incu langsung nanya ka akina.

Incu : Ki, naha ucing jeung anjing bet pasea wae?
Aki : Gara-garana teh baheula ucing pernah maok lauk nu anjing, jadi weh tepi ka ayeuna ucing jeung anjing teu akur!
Incu : Terus naha ucing mun modol sok di ruang?
Aki : Sabab basa ucing maok lauk nu anjing tea, ucing teh di udag-udag ku anjing tepi ka ucing teh naek kana tatangkalan. Kusabab anjing teu bisa naek, nya anjing teh ngancam ka ucing!
Incu : Ngancam kumaha ki?
Aki : Kieu ceuk anjing teh : lamun sia turun ku dewek hakan sia jeung tai-taina. Tah saprek eta, unggal modol ucing sok ngaruang taina da sieun kapangih ku anjing.
Incu : Terus naha tai ucing bet bau haseum?
Aki : Sabab ucing mikir, lamun taina kapangih ku anjing, si anjing bakal nyangka taina geus haseum jadi anjing moal daekeun ngahakan.
Incu : Ooooh kitu!!!!

UCING JEUNG ANJING
By : Kusnadi


Share this article :

0 comments:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

Recent Readers

Advertise

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. SMART CAMPZ - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template