Basa harita anjeun wakca balaka
Mika tresna seja meundeun carita
Ngembeng cisoca taya basa
Nandakeun rasa tarima
Sajalan sapamadegan
Narimakeun sagala kaayaan
Nyiptakeun harepan
Nubakal karandapan
Hiji wanci di zaman Sari
Tonggoheunna kamancingan
Janji pasisi nu kungsi matri
Kiwari ngan ukur lamunan
Emut mangsa katukang
Basa urang meuntas cukang
Di Citamiang ditengah serang
Endah taya ka bimbang
Cinta munggaran
Ligar ngarangrangan
Meunggaskeun dahan
Jeung impenan
Garut, 1991
Katumbiri PBI Semester 7
0 comments:
Speak up your mind
Tell us what you're thinking... !